Senin, 21 September 2009

TAKBIRAN 1430 H / 2009 M

"AWEUHAN SORA TAKBIR DI KAMPUNG LEUWIPANJANG

PURWAKARTA - JAWA BARAT"

“Takbiran Di Masjid Jami Baiturrahmah
Kp. Leuwipanjang RW. 006 Kelurahan Purwamekar Purwakarta Jawa Barat”

(Blogger : Harun Abdul Rosyid)



Bismilahirrahmanirrohim.
Sateu acana blogger nyuhunkeun dihapunteun boh bilih aya basa nu teu merenah rumaos blogger teu tiasa basa sunda nu sae mung tiasa ku basa wewengkon Purwakarta.
Bulan nu suci nu pinuh Ku Rohmat tur ampunan Alloh ayeuna geus Ninggalkeur urang nu disusul ku datangnya Idul Fitri (lembaran 1 syawwal 1430H/2009M). Poe anu dibersihkeunnana umat Islam nu geus ngalaksanakeun ibadah shaum, taraweh, tadarus, ‘itikap sareng zakat fitrahna.
Blogger ngarasa bungah tiasa midangkeun salah sahiji ciri leumbur Purwakarta cara ngareuah-reuah MALEM TAKBIRAN nu dianti-anti ku hampir sakabeh umat Islam, salah sahijina di Kp. Leuwipanjang RW. 006 Kelurahan Purwamekar Purwakarta anu aya di Masjid Jami Baiturrahmah nu diluluguan Ku Ust. Ma’mun Muzakkir (Ketua Panitia) nu dirojong ku Ketua DKM (Bapak H. Utang Abdul Haris BA) sinareng pengurus DKM tur Bapak RW. 006 Purwamekar (Bapak M. Mukhtar).
Aweuhan sora takbir nu minuhan jagat raya ti mimiti sore kamari nepi ka tamat peuting diteruskeun isuk-isuk ieu mangrupa wujud nyata rasa rido jeung syukur. Rido nyumponan panggero Alloh swt. dina ngalaksanakeun ibadah puasa, jeung nganyatakeun rasa syukur kana sagala ni'mat, rahmat jeung kurnia Mantenna nu parantos masihan kakuatan geusan ngarengsekeun ibadah puasa sabulan campleng.
Kalimat takbir diucapkeun ku sakumna kaum Muslimin mangrupa pangakuan yen Nu Maha Agung teh wungkul Allah, salian ti Allah kabeh ge leutik, teu aya nu leuwih punjul, kaasup manusa anu kumelendang di alam dunya. Najan manusa anu di­bere kakawasaan, kawasana henteu lana, najan lubak libuk loba harta eta oge henteu lana ayana jeung kapimilik ku manusa, bisa jadi ayeuna kawasa isukan dikakaya, ayeuna kaya isukan jadi sangsara, ayeuna jagjag isukan rarempo, ayeuna sehat isukan gering, ayeuna jagjag belejag isuk nangkarak baued, ngajolor ngaba­batang, raga paturay jeung nyawa. Taya bayana manusa teu kudu boga rasa adigung gede hulu. Da geuning lamun seug dilenyepan kabeh taya hartina. Najan manusia ihtiar dug hulu pet nyawa, suku di­jieun hulu, hulu dijieun suku hasil akhirna gumantung kana tak­dir jeung kakawasaan Allah swt.
Kiti deu aweuhan sora takbir ti sadaya Jama’ah Masjid Jami Baiturrahmah, riung mungpulung bari sumerah diri Ngangungkeun Zat Nu Angung Alloh SWT, ti miti beres magrib nepi na isukna dituluykeun ku Sholat Idul Fitri.
Nu jadi kataji ku blogger Panitia nyadiakeun mangrupa hadiah sarupaning baju koko, sarung, peci, jam dinding, jeung hadiah tambahan mangrupa hadiah hiburan ditambah ku leueuteun sareng tuangen nu kalintang seueruna. Saur panitia sadaya biaya ti pangrojongna Jama’ah warga Kapung Leuwipanjang RW. 006 Kelurahan Purwamekar Puwakarta.
Sakitu di blogger, hampunten sakali deui. Hatur nuhuh Wassalam.
Di handap ieu gambar-gambar nu keur Takbiran: